Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 71

Yéhuwa Nyalindungan Yésus

Yéhuwa Nyalindungan Yésus

Di beulah wétan Israil, jalma-jalma percaya yén béntang bisa ngabingbing maranéhna. Hiji peuting, sababaraha lalaki ti Wétan ningali di langit aya nu gerak jeung caang siga béntang. Ku maranéhna dituturkeun. Éta ”béntang” nungtun maranéhna ka Yérusalém. Maranéhna nanya ka jalma-jalma, ’Di mana budak nu bakal jadi raja Yahudi? Urang sadaya rék sujud ka manéhna.’

Waktu Hérodés raja Yérusalém ngadéngé ngeunaan raja anyar ieu, manéhna mani ngagebeg. Raja nanya ka imam-imam kapala, ’Calon raja téh lahir di mana?’ Jawabna, ’Ceuk nabi-nabi mah di Bétléhém.’ Jadi Hérodés manggil jalma-jalma ti Wétan jeung nitah, ’Geura indit ka Bétléhém, téangan éta budak. Mun geus kapanggih, bére nyaho. Urang gé rék sujud ka manéhna.’ Tapi, éta téh bohong!

Éta ”béntang” maju deui. Jalma-jalma tadi nuturkeun nepi ka Bétléhém. Di luhureun hiji imah, éta ”béntang” eureun. Terus maranéhna asup, ningali Yésus jeung ibuna, Mariam. Bruk maranéhna sujud ka Yésus, méré emas, dupa, jeung emur. Naha enya Yéhuwa nu ngirim maranéhna ka Yésus? Henteu!

Peuting éta, Yéhuwa ngomong ka Yusup dina impian, ’Hérodés rék maéhan Yésus. Buru bawa budak jeung pamajikan ka Mesir! Cicing heula di ditu. Engké dibéjaan mun geus aman.’ Yusup jeung kulawargana langsung indit ka Mesir.

Yéhuwa ngabéjaan jalma-jalma ti Wétan supaya teu balik deui ka Hérodés. Pas engeuh maranéhna teu balik deui, Hérodés ambek pisan. Lantaran teu bisa manggihan Yésus, Hérodés maréntahkeun supaya kabéh budak lalaki di Bétléhém nu sapantar jeung Yésus dipaéhan. Tapi Yésus mah geus aman, geus aya di Mesir.

Waktu Hérodés geus maot, Yéhuwa ngabéjaan Yusup, ’Ayeuna geus aman, sok balik deui.’ Yusup, Mariam, jeung Yésus balik deui ka Israil sarta nyieun imah di Nasarét.

”Pangandika anu kaluar ti Kami . . .  tangtu dilaksanakeun.”​—Yesaya 55:11