Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 72

Waktu Yésus Rumaja

Waktu Yésus Rumaja

Yusup, Mariam, sarta Yésus cicing di Nasarét bareng jeung adi-adi Yésus nu lalaki jeung awéwé. Yusup jadi tukang kayu jang néang napkah. Yusup ogé rajin ngajar kulawargana ngeunaan Yéhuwa jeung Hukum-Na. Kulawargana rajin indit ka imah ibadah. Maranéhna ogé unggal taun indit ka Yérusalém jang miluan Paska.

Basa Yésus umur 12 taun, kulawargana nempuh perjalanan jauh ka Yérusalém sakumaha biasana. Kota Yérusalém pinuh ku jalma-jalma nu daratang rék ngayakeun Paska. Sanggeus péstana bérés, Yusup jeung Maria balik. Disangkana téh Yésus aya jeung rombongan. Ari pék téh, pas ditéangan di antara dulur-dulurna, Yésus teu aya!

Jadi, maranéhna balik deui ka Yérusalém. Salila tilu poé, maranéhna néangan Yésus. Ahirna, Yésus kapanggih di bait. Yésus keur diuk bari merhatikeun jeung tatanya ka guru-guru. Saking héraneun kana kapinteran Yésus, para guru nepi ka tatanya balik. Para guru mani tajub kana jawaban Yésus. Maranéhna ningali, Yésus téh ngarti Hukum Yéhuwa.

Yusup jeung Mariam ngarasa hariwang pisan. Ceuk Mariam, ’Jang, ka mana waé atuh? Bapa jeung Ibu mani bingung néangan hidep.’ Jawab Yésus, ’Bapa jeung Ibu teu terang kitu? Abdi téh kudu aya di dieu, di bumi Bapa abdi.’

Yésus balik jeung kolotna ka Nasarét. Di ditu, Yusup ngajarkeun Yésus carana jadi tukang kayu. Ceuk hidep, saperti kumaha Yésus basa rumaja? Sanggeus beuki gedé, Yésus beuki bijaksana jeung dipikaresep ku Allah sarta jalma-jalma.

”Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah, piwulang Gusti ngancik dina sanubari.”​—Jabur 40:9