Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 73

Yohanes Nyiapkeun Jalan keur Mésias

Yohanes Nyiapkeun Jalan keur Mésias

Yohanes, anakna Jakaria jeung Élisabét, jadi nabi waktu geus gedé. Yéhuwa ngagunakeun Yohanes pikeun ngajar jalma-jalma ngeunaan datangna Mésias. Yohanes ngajarna lain di imah ibadah atawa di kota-kota, tapi di tegal. Jalma-jalma ti Yérusalém jeung sakuliah Yudéa daratang ka Yohanes, harayangeun diajar. Yohanes ngajarkeun yén pikeun nyenangkeun Allah, maranéhna kudu eureun ngalakukeun hal-hal goréng. Sanggeus ngadéngé éta, maranéhna tobat jeung dibaptis ku Yohanes di Walungan Yordan.

Hirup Yohanes téh saderhana pisan. Bajuna tina bulu onta, daharna simeut jeung madu leuweung. Jalma-jalma mani panasaran ka Yohanes. Malah, urang Parisi jeung urang Saduki nu sombong gé daratang ka Yohanes. Ceuk Yohanes ka maranéhna, ’Geura tarobat! Ulah ngira maranéh téh istiméwa pédah turunan Ibrahim! Lain hartina maranéh téh putra Allah.’

Loba nu nanya ka Yohanes, ’Kumaha carana nyenangkeun Allah?’ Jawab Yohanes, ’Nu boga baju dua, bikeun hiji ka nu teu boga.’ Hidep apal ku naon Yohanes ngomong kitu? Yohanes hayang maranéhna nyaho yén pikeun nyenangkeun Allah, maranéhna kudu nyaah ka sasama.

Yohanes méré nyaho ka nu marulung pajeg, ’Kudu jujur, ulah curang.’ Ari ka para serdadu, Yohanes ngomong, ’Ulah daék disogok atawa ngabohong.’

Para imam jeung urang Léwi daratang jeung nanya ka Yohanes, ’Manéh téh saha? Jalma-jalma panasaran.’ Ceuk Yohanes, ’Urang téh nu nguar-nguar di lapang, nu nungtun jalma-jalma ka Yéhuwa, sakumaha ramalan Yésaya.’

Jalma-jalma resep diajar ku Yohanes. Loba nu nyangka Yohanes téh Mésias. Tapi ceuk Yohanes, ’Nu leuwih agung bakal datang. Ngaleupaskeun sendalna ogé urang mah teu layak. Urang ngabaptisna ku cai, tapi anjeunna mah ngabaptisna ku roh suci.’

”Pikeun nerangkeun caang tea ka jalma-jalma, sangkan tarerangeun jeung palercayaeun kana hal eta.”​—Yohanes 1:7