Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 75

Si Sétan Nguji Yésus

Si Sétan Nguji Yésus

Sanggeus Yésus dibaptis, roh suci nungtun anjeunna ka gurun. Di ditu, Yésus puasa salila 40 poé. Anjeunna lapar pisan. Jol Sétan datang ngagoda, ’Anjeun téh Putra Allah? Coba éta batu-batu jadikeun roti.’ Tapi, Yésus ngajawab ku cara ngutip tina Kitab Suci, ’Ceuk Kitab Suci, jalma hirup lain ku roti baé, tapi kudu ngadéngé sabda Yéhuwa.’

Terus, Sétan nangtang Yésus, ’Lamun anjeun Putra Allah, sok atuh luncat ti luhur bait. Sabab ceuk Kitab Suci, Allah bakal nitah para malaikat-Na nangkeup anjeun.’ Tapi Yésus ngutip deui tina Kitab Suci, ’Ceuk Kitab Suci, ulah nguji Yéhuwa.’

Terus, Sétan nunjukkeun kabéh karajaan di dunya, sagala kaagungan sarta kabeungharanana bari ngomong, ’Éta kabéh rék dibikeun ka anjeun, asal daék sujud ka urang sakali baé.’ Tapi Yésus ngajawab, ’Geura nyingkah, Sétan! Ceuk Kitab Suci, jalma kudu nyembah ka Yéhuwa wungkul.’

Geus kitu, Sétan indit. Malaikat-malaikat daratang jeung méré dahar Yésus. Ti saprak éta, Yésus nguarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan. Yésus mémang diutus ka bumi pikeun ngajalankeun tugas ieu. Jalma-jalma resep kana ajaran Yésus jeung nuturkeun ka mana waé anjeunna indit.

”Ana Iblis bohong, memang geus bakatna tukang bohong, bapana sagala bohong.” —Yohanes 8:44