Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 79

Yésus Nyieun Loba Mujijat

Yésus Nyieun Loba Mujijat

Yésus datang ka bumi pikeun nguarkeun warta Karajaan Allah. Yéhuwa masihan Yésus roh suci pikeun nyieun mujijat. Mujijat-mujijatna nunjukkeun nu bakal dilakukeun ku Yésus waktu jadi Raja. Yésus bisa nyageurkeun sagala panyakit. Ka mana waé Yésus indit, nu garering ménta tulung. Yésus nyageurkeun maranéhna. Nu lolong bisa ningali, nu torék bisa ngadéngé, nu lumpuh bisa leumpang, nu diraksuk ku roh jahat ogé jadi cageur deui. Malah, ngan nyabak tungtung jubah Yésus gé, maranéhna bisa cageur. Jalma-jalma terus nuturkeun Yésus. Sanajan keur hayang sorangan, Yésus teu ngusir maranéhna.

Basa Yésus aya di hiji imah, jalma-jalma mawa lalaki lumpuh ka ditu. Tapi imah téh pinuh pisan, maranéhna teu bisa asup. Jadi, maranéhna nyieun liang dina hateup imah, terus nu lumpuh diturunkeun. Ceuk Yésus ka nu lumpuh, ’Geura hudang jeung leumpang!’ Pas Yésus ngalakukeun éta, jalma-jalma mani tajub!

Waktu Yésus datang ka hiji désa, sapuluh lalaki lépra ménta tulung ti kajauhan, ’Yésus, tulung!’ Di jaman éta, nu lépra teu meunang deukeut-deukeut ka batur. Yésus nitah maranéhna ka bait, sabab Hukum Yéhuwa nyebutkeun yén jalma lépra nu geus cageur kudu indit ka bait. Waktu di jalan kénéh, léprana calageur. Pas engeuh geus cageur, nu saurang balik deui ngahaturkeun nuhun ka Yésus jeung muji Allah. Ti sapuluh jalma, ngan hiji nu ngahaturkeun nuhun.

Aya hiji awéwé nu pegat pangharepan. Geus 12 taun manéhna gering teu cageur-cageur. Manéhna seselendep ka tukangeun Yésus, terus nyabak tungtung jubah Yésus. Seug manéhna cageur! Yésus langsung nanya, ’Saha nu nyabak urang?’ Éta awéwé mani ngadégdég. Tapi teu lila, manéhna ngaku. Yésus nengtremkeun manéhna, ’Nyai, sing senang haté!’

Yairus, saurang kapala imah ibadah, ménta ka Yésus, ’Bapa, mugi datang ka imah abdi! Anak awéwé abdi gering ripuh.’ Tapi basa di tengah jalan kénéh, éta budak kaburu maot. Pas nepi, Yésus ningali kulawarga Yairus jeung jalma-jalma keur careurik. Ceuk Yésus, ’Ulah careurik, budak téh ngan keur saré.’ Terus, Yésus nyepeng leungeun éta budak bari ngomong, ”Hudang, anaking!” Budak téh langsung hudang! Geus kitu, Yésus nitah kolotna méré dahar éta budak. Bayangkeun kumaha parasaan kolotna!

”Ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah.”​—Rasul 10:38