Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 81

Hutbah di Gunung

Hutbah di Gunung

Sanggeus milih 12 rasul, Yésus indit ti gunung ka tempat jalma réa nu geus ngarumpul. Maranéhna aya nu ti Galiléa, Yudéa, Tirus, Sidon, Siria, jeung wilayah séjénna di Yordan. Nu garering jeung nu kasurupan dibarawa. Ku Yésus kabéh dicageurkeun. Terus, Yésus diuk jeung ngajar. Yésus ngajelaskeun naon nu kudu dilakukeun ku urang pikeun jadi sobat Allah. Urang kudu sadar yén urang butuh bingbingan Yéhuwa jeung kudu mikanyaah Mantenna. Tapi, urang moal bisa mikanyaah Allah lamun teu mikanyaah batur. Urang kudu bageur jeung teu pilih kasih ka saha waé, kaasup ka musuh.

Yésus ngomong, ’Teu cukup ngan nyaah ka babaturan wungkul. Ka musuh ogé kudu nyaah, kudu bener-bener ngahampura. Lamun aya nu nyeri haté ka maranéh, buru-buru indit ménta hampura. Jieun kahadéan ka batur, sakumaha maranéh gé hayang meunang kahadean ti batur.’

Yésus ogé méré naséhat ngeunaan harta banda. Ceuk Yésus, ’Leuwih penting jadi sobat Allah ti batan boga duit loba. Harta banda mah bisa dicolong ku maling, tapi sosobatan jeung Yéhuwa mah moal bisa dicolong. Ulah sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, atawa awak teu kabajuan. Tingali manuk, ku Allah gé diurus. Naha maranéh bisa manjangkeun umur sapoé deui lantaran hariwang? Yéhuwa terangeun pangabutuh maranéh.’

Jalma-jalma mani tajub ku carana Yésus ngajar. Guru-guru agama teu pernah ngajar siga kitu. Ku naon cara Yésus ngajar téh hébat pisan? Sabab pangajaranana téh asalna ti Yéhuwa.

”Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.”​—Mateus 11:29