Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 86

Yésus Ngahirupkeun Deui Lasarus

Yésus Ngahirupkeun Deui Lasarus

Yésus boga tilu sobat di Bétania, nyaéta Lasarus jeung dua dulurna, Maria sarta Marta. Hiji poé pas Yésus aya di daérah Péréa, Maria jeung Marta ngirim pesen penting, ’Lasarus keur gering ripuh pisan. Geura datang!’ Tapi Yésus teu langsung datang, nunda dua poé deui. Lasarus kaburu maot. Terus Yésus ngomong ka para rasul, ’Hayu urang ka Bétania. Lasarus keur saré, ku urang rék dihudangkeun.’ Ceuk para rasul, ’Lamun saré, Lasarus téh bakal gancang cageur.’ Jadi Yésus ngajelaskeun, ’Lasarus téh geus maot.’

Pas nepi di Bétania, Lasarus geus dimakamkeun opat poé. Jalma réa ngalayad sarta ngahibur Marta jeung Maria. Pas nyaho Yésus datang, buru-buru Marta nyampeurkeun Yésus. Ceuk Marta, ’Lamun Juragan aya di dieu mah, dulur abdi moal maot.’ Ceuk Yésus, ’Marta, dulur manéh bakal hirup deui. Manéh percaya teu?’ Marta ngajawab, ’Enya, abdi percaya engké manéhna bakal dihirupkeun deui.’ Ceuk Yésus, ’Urang téh nu ngahudangkeun jeung ngahirupkeun.’

Terus Marta méré nyaho Maria, ’Yésus aya di dieu.’ Maria lumpat manggihan Yésus, dituturkeun ku jalma réa. Brek Maria sujud, ceurik teu eureun-eureun. Ceuk Maria, ’Lamun Juragan aya di dieu mah, dulur abdi pasti hirup kénéh.’ Ningali Maria sakitu nalangsana, Yésus milu ceurik. Pas ningali Yésus ceurik, jalma-jalma ngomong, ’Tingali, Yésus sakitu nyaahna ka Lasarus.’ Tapi sababaraha jalma mikir, ’Ku naon sobatna teu disalametkeun?’ Naon nu bakal dilakukeun ku Yésus?

Yésus indit ka kuburan. Lawang kuburan ditutup ku batu gedé. Yésus nitah, ’Singkirkeun batuna!’ Ceuk Marta, ’Tapi geus opat poé, Juragan! Pasti geus bau.’ Tapi, éta batu tetep disingkirkeun ku jalma-jalma. Terus Yésus ngadoa, ’Bapa, hatur nuhun tos ngadangukeun abdi. Bapa terus ngabulkeun paménta abdi, tapi ayeuna abdi bakal ménta ku sora tarik supaya jalma-jalma terang, Bapa nu ngutus abdi.’ Terus ku sora tarik Yésus manggil, ’Lasarus! Geura kaluar!’ Kurunyung Lasarus kaluar, kabungkus kénéh ku kaén! Ceuk Yésus, ’Bukaan, sina bisaeun leumpang.’

Loba jalma nu ningali jadi boga iman ka Yésus. Tapi, sababaraha ngalaporkeun ka urang Parisi. Urang Parisi jadi hayang maéhan Yésus jeung Lasarus. Salah sahiji ti 12 rasul, nyaéta Yudas Iskariot, cicing-cicing indit ka urang Parisi jeung nanya, ’Mun urang nyerahkeun Yésus, buruhna sabaraha?’ Maranéhna satuju bakal mayar 30 geblég pérak. Jadi, Yudas néangan kasempetan pikeun nyerahkeun Yésus ka urang Parisi.

”Allah urang teh, Allah nu ngajait urang, Mantenna teh PANGERAN, Gusti urang, anu ngajait urang tina ajal.”​—Jabur 68:21