Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 87

Jamuan nu Pangahirna

Jamuan nu Pangahirna

Unggal taun, urang Yahudi ngayakeun Paska dina tanggal 14 Nisan. Ieu diayakeun supaya maranéhna inget yén Yéhuwa nu ngabébaskeun ti pangbudakan Mesir jeung nungtun maranéhna ka Tanah Perjangjian. Dina taun 33 M, Yésus jeung para rasul ngayakeun Paska di hiji kamar loténg di Yérusalém. Sanggeus bérés, Yésus ngomong, ’Ti maranéh, bakal aya nu hianat ka urang.’ Para rasul reuwas jeung nanya, ’Saha, Juragan?’ Ceuk Yésus, ’Jalma nu ku urang dibéré roti.’ Terus, Yésus méré sapotong roti ka Yudas Iskariot. Yudas langsung indit kaluar.

Geus kitu, Yésus ngadoa jeung nyemplékan roti. Rotina dibagi-bagikeun ka para rasul. Ceuk Yésus, ’Dahar ieu roti. Ieu ngalambangkeun awak urang nu dibikeun keur maranéh.’ Terus, Yésus ngadoakeun anggur jeung méré ka para rasul. Ceuk Yésus, ’Inum ieu anggur. Ieu ngalambangkeun getih urang nu dikucurkeun pikeun ngahampura dosa-dosa. Urang jangji maranéh bakal jadi raja bareng jeung urang di sawarga. Lakukeun ieu unggal taun pikeun nginget urang.’ Nepi ka ayeuna, urang Kristen terus ngumpul pikeun ngayakeun éta acara unggal taun. Ayeuna, éta acara disebut Jamuan Wengi Jungjunan.

Sanggeus bérés dahar, para rasul ribut ngeunaan saha nu panghadéna. Tapi ceuk Yésus ka maranéhna, ’Nu panghadéna téh kudu saperti nu pangleutikna, nganggap diri teu penting.

’Maranéh téh sobat-sobat urang. Maranéh geus dibéré nyaho sagala nu ditepikeun ku Bapa ka urang. Sakeudeung deui urang bakal balik ka Bapa di sawarga, engké maranéh ogé nyusul. Jalma-jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun silih pikanyaah. Maranéh kudu silih pikanyaah sakumaha urang mikanyaah maranéh.’

Geus kitu, Yésus ngadoa supaya Yéhuwa nyalindungan para rasul sarta supaya maranéhna akur waktu digawé bareng. Yésus ogé ngadoa supaya nami Yéhuwa disucikeun. Terus, Yésus jeung para rasul nyanyi muji ka Yéhuwa. Sanggeus kitu, maranéhna kaluar. Moal lila deui, Yésus bakal ditéwak.

”Maraneh anu ngan saeutik ulah salempang, sabab Rama maraneh sukaeun maparin berkah ka maraneh ti Karajaana-Na.”—Lukas 12:32