Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 91

Yésus Dihirupkeun Deui

Yésus Dihirupkeun Deui

Sanggeus Yésus maot, saurang lalaki beunghar nu ngaranna Yusup ménta idin ka Pilatus pikeun nurunkeun mayit Yésus. Mayitna ku Yusup dibungkus ku linén lemes, dibalsem, jeung diteundeun di makam anyar. Terus, Yusup ngagulingkeun batu gedé jang nutupan makam. Para imam kapala ngomong ka Pilatus, ’Abdi sadaya sieun mun murid-murid Yésus nyokot mayitna, engké ngomong Yésus hirup deui.’ Jadi ceuk Pilatus, ’Sok jaga makamna.’

Tilu poé sanggeusna, subuh-subuh kénéh, sababaraha awéwé indit ka makam. Tapi, makam geus kabuka! Ti jero makam, hiji malaikat ngomong, ’Tong sieun. Yésus geus dihirupkeun deui. Buru béjakeun murid-muridna pikeun manggihan Yésus di Galiléa.’

Maria Magdaléna buru-buru manggihan Pétrus jeung Yohanes. Ceuk Maria, ’Aya nu nyokot mayit Yésus!’ Pétrus jeung Yohanes langsung indit ka makam. Pas ningali makam geus kosong, maranéhna baralik deui.

Waktu ka makam deui, Maria ningali aya dua malaikat di jero. Terus Maria ngomong, ’Abdi teu terang mayit Juragan dibawa ka mana.’ Terus Maria ningali saurang lalaki, disangkana téh tukang kebon. Ceuk Maria, ’Bapa, mayit Juragan téh dibawa ka mana?’ Éta lalaki ngomong, ”Maria!” Maria langsung engeuh éta téh Yésus. Maria ngajerit, ”Guru!” terus ngarangkul Yésus. Ceuk Yésus, ’Béjakeun ka nu séjén, manéh geus ningali urang.’ Maria langsung indit ngabéjaan murid-murid Yésus.

Dina poé éta kénéh, dua murid indit ti Yérusalém ka Émaus. Di tengah jalan, saurang lalaki milu ngariung jeung nanyakeun maranéhna keur ngabahas naon. Ceuk maranéhna, ’Bapa teu nyaho kitu? Tilu poé kamari, Yésus dipaéhan ku para imam kapala. Tapi ayeuna, sababaraha awéwé ngomong Yésus téh hirup deui!’ Ceuk éta lalaki, ’Maranéh teu percaya kana omongan para nabi? Ceuk para nabi, Kristus bakal maot jeung dihirupkeun deui.’ Terus, éta lalaki ngajelaskeun ayat-ayat Kitab Suci. Pas nepi di Émaus, dua murid ngajak éta lalaki milu jeung maranéhna. Peutingna pas keur dahar, éta lalaki ngadoakeun roti. Dua murid éta langsung engeuh éta téh Yésus. Terus, Yésus ngaleungit.

Dua murid éta buru-buru balik ka Yérusalém, ka tempat para rasul. Waktu maranéhna keur nyarita, jleg Yésus muncul. Mimitina, para rasul teu percaya éta téh Yésus. Tapi Yésus ngomong, ’Tingali leungeun urang, sok cabak. Geus ditulis yén Kristus téh bakal dihirupkeun deui.’

”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”​—Yohanes 14:6