Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 92

Para Nalayan Ningali Yésus

Para Nalayan Ningali Yésus

Teu lila sanggeus Yésus muncul di hareupeun para rasul, Pétrus ngala lauk di Laut Galiléa. Tomas, Yakobus, Yohanes, jeung sababaraha murid séjénna ogé milu. Tapi, sapeupeuting maranéhna teu beubeunangan.

Bray isuk, aya saurang lalaki nangtung di basisir. Éta lalaki nanya, ’Can beubeunangan?’ Ceuk maranéhna, ”Teu acan!” Éta lalaki ngomong, ’Alungkeun jaringna ka katuhu parahu.’ Sanggeus dialungkeun, jaring mani pinuh ku lauk nepi ka teu bisa kaangkat. Yohanes langsung engeuh éta téh Yésus, pokna, ’Éta téh Juragan!’ Brus Pétrus luncat kana cai sarta ngojay ka basisir. Nu séjén milu nyarisi maké parahu.

Pas nepi di sisi, aya roti jeung lauk keur dipanggang. Yésus nitah maranéhna mawa sababaraha lauk jang nambahan dahareun. Terus pokna, ’Ka darieu, dalahar.’

Bérés dahar, Yésus nanya ka Pétrus, ’Manéh téh leuwih nyaah ka urang ti batan ngala lauk?’ Ceuk Pétrus, ’Muhun. Pan Juragan apal.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun domba-domba urang.’ Yésus nanya deui, ’Pétrus, manéh téh nyaah ka urang?’ Ceuk Pétrus, ’Juragan apal abdi nyaah ka Juragan.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun anak-anak domba urang.’ Yésus nanya deui pikeun nu katilu kalina. Pétrus jadi sedih. Ceuk Pétrus, ’Juragan apal kana sagala hal. Juragan apal abdi nyaah ka Juragan.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun anak-anak domba urang.’ Yésus ogé ngomong, ’Terus tuturkeun urang.’

”Ku [Yésus] disaur, ’Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema.’ Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.”​—Mateus 4:19, 20