Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 93

Yésus Balik ka Sawarga

Yésus Balik ka Sawarga

Yésus manggihan murid-muridna di Galiléa. Di ditu, Yésus méré paréntah nu penting, ’Indit jeung jadikeun jalma-jalma murid. Ajarkeun nu geus diajarkeun ku urang, terus baptis maranéhna.’ Yésus jangji, ’Sing inget, urang bakal terus nyarengan.’

Sanggeus dihirupkeun deui, salila 40 poé Yésus osok muncul di hareupeun ratusan murid di Galiléa jeung Yérusalém. Yésus ngajarkeun palajaran penting jeung nyieun loba mujijat. Pandeuri, Yésus manggihan para rasul di Gunung Jetun.

Saacanna, Yésus pernah ngomong, ’Ulah indit ti Yérusalém. Dagoan heula nu geus dijangjikeun ku Bapa.’ Tapi, para rasul teu ngartieun naon maksudna. Jadi, maranéhna nanya, ’Juragan bakal jadi Raja Israil ayeuna?’ Jawab Yésus, ’Can waktuna keur Yéhuwa ngajadikeun urang Raja. Tapi, maranéh bakal narima roh suci pikeun jaradi saksi-saksi urang. Uarkeun ka Yérusalém, Yudéa, Samaria, nepi ka tungtung bumi.’

Yésus diangkat ka langit, terus kahalangan ku méga. Murid-murid terus ningalikeun, tapi les Yésus geus leungit.

Murid-murid ninggalkeun Gunung Jetun, terus indit ka Yérusalém. Maranéhna sering ngarumpul di kamar loténg pikeun ngadoa. Maranéhna ngadagoan paréntah Yésus nu saterusna.

”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”​—Mateus 24:14