Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 94

Murid-Murid Dibéré Roh Suci

Murid-Murid Dibéré Roh Suci

Sapuluh poé sanggeus Yésus balik ka sawarga, murid-murid narima roh suci. Harita téh keur Péntakosta taun 33 M. Jalma-jalma ti loba tempat daratang pikeun ngayakeun pésta. Di hiji imah, aya kira-kira 120 murid Yésus keur ngarumpul di kamar loténg. Ujug-ujug, aya hal nu ajaib! Tingsuliwer aya nu hurung siga seuneu di luhureun sirah murid-murid. Maranéhna jadi bisa ngomong ku rupa-rupa basa. Terus aya sora ngaguruh siga angin ribut, minuhan saeusi imah.

Pas ngadéngé sora ngaguruh, jalma-jalma ti tempat-tempat séjén ngaburubul nyampeurkeun. Maranéhna haréraneun pas ngadéngé murid-murid ngomong ku basa-basa maranéhna. Ceuk maranéhna, ’Maranéhna téh lainna urang Galiléa? Ku naon barisaeun ngomong basa-basa urang?’

Jung Pétrus jeung para rasul nangtung. Pétrus nyaritakeun kumaha Yésus dipaéhan sarta kumaha Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna. Ceuk Pétrus, ’Ayeuna, Yésus geus di sawarga di katuhueun Allah, geus narima roh suci nu dijangjikeun. Éta sababna maranéh ningali jeung ngadéngé hal-hal ajaib ieu.’

Omongan Pétrus mani keuna kana haté maranéhna. Maranéhna nanya, ’Abdi sadaya téh kudu kumaha atuh?’ Ceuk Pétrus, ’Kudu tarobat jeung daraék dibaptis ku ngaran Yésus. Engké maranéh ogé bakal dibéré roh suci.’ Dina poé éta, kira-kira 3.000 jalma dibaptis. Ti saprak éta, jumlah urang Kristen di Yérusalém gancang pisan nambahanana. Ku bantuan roh suci, para rasul nyieun loba sidang pikeun ngajar murid-murid ngeunaan sagala paréntah Yésus.

”Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet.”​—Rum 10:9