Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 95

Maranéhna Moal Eureun!

Maranéhna Moal Eureun!

Aya saurang lalaki lumpuh, unggal poé manéhna diuk ménta-ménta di gapura bait. Hiji poé, Pétrus jeung Yohanes datang ka bait. Ceuk éta lalaki, ’Ménta, Pa.’ Ceuk Pétrus, ’Urang boga nu leuwih hadé ti batan duit. Ku ngaran Yésus, nangtung jeung leumpang!’ Pétrus mantuan manéhna nangtung, éta lalaki langsung leumpang! Jalma réa mani gumbira ningali kaajaiban éta, terus loba nu jaradi murid.

Tapi, para imam jeung urang golongan Saduki arambekeun. Para rasul ditéwak, dibawa ka pangadilan, terus dipariksa, ’Meunang kawasa ti mana maranéh nyageurkeun ieu jelema?’ Ceuk Pétrus, ’Ti Yésus Kristus, nu ku aranjeun dipaéhan.’ Para pamingpin agama ambek, ’Ulah nyebut-nyebut Yésus deui!’ Tapi para rasul ngajawab, ’Abdi kudu carita ngeunaan anjeunna. Abdi moal eureun!’

Sanggeus dileupaskeun, Pétrus jeung Yohanes nyaritakeun éta kajadian ka murid-murid séjén. Maranéhna ngadoa bareng, ’Nun Yéhuwa, pasihan abdi sadaya kawani pikeun ngajalankeun tugas ti Gusti.’ Yéhuwa masihan roh suci, maranéhna jadi terus nguarkeun warta jeung nyageurkeun jalma-jalma. Beuki loba deui nu jaradi murid. Urang Saduki mani sirik, maranéhna néwak jeung ngasupkeun para rasul ka panjara. Tapi, peutingna Yéhuwa ngutus hiji malaikat jang muka panto-panto panjara sarta nitah para rasul, ’Balik deui ka bait, ajar jalma-jalma di ditu.’

Isukanana isuk-isuk, Sanhédrin, atawa Mahkamah Agama, dibéré nyaho, ’Panjara ngonci kénéh, tapi pas dibuka téh kosong! Jalma-jalma éta geus di bait deui, keur ngajar!’ Para rasul ditéwak jeung dibawa deui ka Sanhédrin. Imam agung ngomong, ’Maranéh téh geus dilarang ngajar ngeunaan Yésus!’ Tapi ceuk Pétrus, ’Abdi sadaya kudu leuwih tunduk ka Allah ti batan ka manusa.’

Para pamingpin agama ambek nepi ka hayang maéhan para rasul. Tapi, urang Parisi nu ngaranna Gamaliél nangtung jeung ngomong, ’Ati-ati! Bisa waé Allah nyarengan maranéhna. Na enya Bapa-Bapa rék ngalawan Allah?’ Maranéhna nurut. Sanggeus nareunggeulan para rasul, maranéhna ngalarang para rasul nguarkeun warta deui. Geus kitu, kakara para rasul dibébaskeun. Tapi, para rasul teu eureun! Para rasul tetep wani nguarkeun warta hadé, boh di bait boh di imah-imah.

”Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.”​—Rasul 5:29