Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 98

Ajaran Kristen Sumebar

Ajaran Kristen Sumebar

Para rasul nurutkeun paréntah Yésus pikeun nyebarkeun warta hadé nepi ka tungtung bumi. Taun 47 M, dulur-dulur di Antioki ngutus Paulus jeung Barnabas ngayakeun perjalanan pikeun nguarkeun warta. Dua pawarta nu sumanget ieu indit ka Asia Leutik (ayeuna Turki), misalna ka Dérbé, Listra, jeung Ikonium.

Maranéhna nguarkeun warta ka saha waé, nu miskin, nu beunghar, nu kolot, jeung nu ngora. Loba nu jadi percaya ka Kristus. Waktu maranéhna ngajar Sérgius Paulus, gupernurna Siprus, aya tukang sihir nu terus ngaganggu. Jadi Paulus ngomong, ’Yéhuwa bakal ngahukum manéh!’ Reup si tukang sihir lolong! Ningali éta, gupernur jadi percaya.

Paulus jeung Barnabas nguarkeun warta ka imah-imah, di pasar, di jalan, jeung di imah-imah ibadah. Waktu di Listra, maranéhna nyageurkeun lalaki lumpuh. Loba jalma nu ningali mujijat éta nganggap maranéhna déwa. Paulus jeung Barnabas nepi ka disembah-sembah. Tapi maranéhna embung disembah, pokna, ’Nyembah téh ka Allah wungkul! Urang mah ngan manusa.’ Terus, sababaraha urang Yahudi datang ngahasud jalma réa. Jadi, Paulus dibalédogan ku batu, digusur ka luar kota, cul ditinggalkeun sina paéh. Tapi, Paulus hirup kénéh! Dulur-dulur daratang, nyalametkeun jeung mawa Paulus asup deui ka kota. Geus kitu, Paulus balik ka Antioki.

Taun 49 M, Paulus ngayakeun perjalanan deui. Sanggeus ngalongok dulur-dulur di Asia Leutik, Paulus nguarkeun warta hadé ka tempat nu leuwih jauh deui, nyaéta Éropa. Paulus indit ka Pilipi, Tésalonika, Aténa, Épésus, jeung tempat séjénna. Silas, Lukas, jeung budak ngora nu ngaranna Timoteus ogé milu. Maranéhna nyieun sidang-sidang anyar sarta nguatkeun dulur saiman. Paulus cicing di Korinta hiji satengah taun pikeun nguatkeun dulur saiman. Paulus nguarkeun warta, ngajar, jeung nulis surat ka sidang-sidang. Paulus ogé nyieunan ténda. Terus, Paulus balik deui ka Antioki.

Taun 52 M, Paulus ngayakeun perjalanan nu katilu, dimimitian ti Asia Leutik. Paulus ka kalér, mapay nepi ka Pilipi, terus turun nepi ka Korinta. Mangtaun-taun Paulus cicing di Épésus pikeun ngajar, nyageurkeun, jeung mantuan sidang-sidang. Paulus ogé méré hutbah di balé sakola unggal poé. Loba nu ngadéngékeun jeung tarobat. Ahirna, sanggeus nguarkeun warta di loba tempat, Paulus indit ka Yérusalém.

”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.”​—Mateus 28:19