Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 99

Kapala Panjara Jadi Urang Kristen

Kapala Panjara Jadi Urang Kristen

Di Pilipi, aya saurang palayan awéwé nu kasurupan roh jahat. Éta awéwé jadi bisa méré nyaho hal-hal nu tacan kajadian. Para dununganana jadi meunang loba duit. Waktu Paulus jeung Silas datang ka Pilipi, éta awéwé nunutur baé sababaraha poé. Roh jahat di jerona nguar-nguar, ’Lalaki-lalaki ieu téh abdi-abdi Allah nu Maha Agung!’ Ahirna, Paulus ngusir éta roh jahat, ’Demi ngaran Yésus, kaluar manéh!’ Les roh jahat téh kaluar.

Para dununganana ambek pas nyahoeun moal bakal meunang duit deui. Maranéhna nyéréd Paulus jeung Silas ka para hakim, terus nuding, ’Maranéhna ngalanggar hukum jeung nyieun karusuhan!’ Para hakim nitah supaya Paulus jeung Silas diteunggeulan jeung dipanjara. Kapala panjara ngasupkeun maranéhna ka tempat nu pangjerona jeung pangpoékna. Suku maranéhna dipasung ku balok.

Di panjara, para tahanan ngadéngé Paulus jeung Silas nyanyi muji Yéhuwa. Waktu tengah peuting, ujug-ujug aya lini gedé pisan. Panjara oyag mani hébat. Panto-pantona bluk-blak maruka kabéh, borgol jeung balok tahanan nepi ka laleupasan. Kapala panjara buru-buru ka jero, ningali kabéh panto geus maruka. Disangkana para tahanan geus kalalabur. Manéhna nyabut pedang, rék maéhan diri sorangan.

Tapi Paulus ngagorowok, ’Ulah maéhan diri sorangan! Kabéh masih araya!’ Kapala panjara langsung lumpat jeung sujud ka Paulus jeung Silas. Manéhna nanya, ’Juragan, abdi kudu kumaha supaya salamet?’ Dijawabna, ’Manéh sakulawarga kudu percaya ka Yésus.’ Terus, Paulus jeung Silas ngajarkeun Firman Yéhuwa ka kapala panjara jeung kulawargana. Geus kitu, maranéhna dibaptis.

”Maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.”​—Lukas 21:12, 13