Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 100

Paulus jeung Timoteus

Paulus jeung Timoteus

Timoteus téh budak ngora di sidang Listra. Ibuna urang Yahudi, ari bapana urang Yunani. Ti leutik kénéh, Timoteus geus diajarkeun Firman Yéhuwa ku ibuna jeung ninina, nyaéta Énika jeung Lois.

Di perjalanan Paulus nu kadua, Paulus datang ka Listra. Paulus ningali, Timoteus mani nyaah ka dulur-dulur sarta resep ngabantu. Paulus ngajak Timoteus milu jeung manéhna. Timoteus dilatih jadi pawarta nu alus sarta dilatih ngajarkeun warta hadé.

Roh suci terus nungtun maranéhna duaan. Hiji peuting, Paulus meunang titingalian. Aya lalaki ménta Paulus datang ka Makédoni pikeun ngabantu. Jadi Paulus, Timoteus, Silas, jeung Lukas indit ka ditu, nguarkeun warta jeung nguatkeun sidang-sidang.

Di hiji kota di Makédoni, nyaéta Tésalonika, loba nu jadi urang Kristen. Tapi, sababaraha urang Yahudi sirik ka Paulus, Timoteus, jeung Silas. Maranéhna ngumpulkeun loba jalma, mawa Paulus jeung batur-baturna ka para pangawasa kota. Maranéhna ngagorowok, ’Jalma-jalma ieu musuh pamaréntah Rum!’ Nyawa Paulus jeung Timoteus kaancam, jadi peutingna maranéhna kabur ka Béréa.

Di Béréa, jalma-jalma mani resep ngadéngékeun warta hadé. Loba urang Yunani jeung Yahudi nu jaradi percaya. Tapi, sababaraha urang Yahudi ti Tésalonika datang nyieun huru-hara, jadi Paulus indit ka Aténa. Timoteus jeung Silas mah tetep di Béréa, nguatkeun dulur-dulur. Teu lila, Paulus ngutus Timoteus ka Tésalonika deui pikeun ngabantu dulur-dulur nu dikaniaya. Timoteus ogé dititah nguatkeun dulur-dulur di sidang-sidang séjénna.

Paulus ngabéjaan Timoteus, ’Nu hayang nyembah Yéhuwa bakal dikaniaya.’ Lantaran imanna, Timoteus dikaniaya jeung dipanjara. Tapi, manéhna bungah sabab bisa ngabuktikeun kasatiaanana ka Yéhuwa.

Paulus ngomong ka urang Pilipi, ’Urang ngutus Timoteus ka maranéh. Manéhna bakal ngajarkeun carana hirup sabagé umat Yéhuwa sarta ngalatih maranéh nguarkeun warta.’ Paulus yakin Timoteus bisa diandelkeun. Paulus nyobat jeung Timoteus sarta digawé bareng salila mangtaun-taun.

”Ngan anjeunna . . . anu saperasaan jeung sim kuring, jeung kacida mikamelangna ka aranjeun. Batur mah ngan ngaruruskeun kapentingan dirina bae, cul urusan pikeun Yesus Kristus.”​—Pilipi 2:20, 21