Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 103

’Karajaan Ama Mugi Datang’

’Karajaan Ama Mugi Datang’

Yéhuwa jangji, ’Moal aya deui nu sedih, ceurik, gering, atawa paéh. Urang bakal nyusutan cipanon maranéhna. Sagala nu goréng moal diinget-inget deui.’

Yéhuwa nyiptakeun Adam jeung Hawa di taman Éden supaya maranéhna bagja. Maranéhna diciptakeun pikeun nyembah Bapa di sawarga sarta minuhan bumi ku turunanana. Sanajan maranéhna teu nurut, rencana Yéhuwa teu robah. Dina buku ieu, urang geus diajar yén sagala nu dijangjikeun ku Allah pasti laksana. Saperti jangji-Na ka Ibrahim, bumi bakal pinuh berkah ku jalan Karajaan Allah.

Moal lila deui Sétan, baladna, jeung kabéh jalma jahat bakal musna! Unggal jalma bakal nyembah Yéhuwa. Urang moal gering atawa paéh. Unggal poé, urang bakal leuwih séhat sarta bagja. Bumi bakal jadi Pirdaus. Teu aya nu kalaparan. Unggal jalma bakal boga imah sorangan. Teu aya nu jahat atawa kejem, kabéh balageur. Sato galak moal bahaya deui, urang gé moal sieun deui ka sato galak.

Urang bakal bungah pisan waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui nu maot. Urang bisa panggih jeung jalma-jalma ti jaman baheula, misalna Habil, Nuh, Ibrahim, Sarah, Musa, Rut, Éster, jeung Daud. Urang jeung maranéhna bakal babarengan ngarobah planét Bumi jadi pirdaus. Loba pagawéan nu ngagumbirakeun!

Yéhuwa hoyong hidep aya di ditu. Hidep bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa ku cara nu teu kabayang ku urang. Hayu urang leuwih akrab jeung Yéhuwa, ti ayeuna nepi ka salamina!

”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.”​—Wahyu 4:11