Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Surat ti Badan Pingpinan

Surat ti Badan Pingpinan

Dulur-Dulur nu Dipikanyaah:

Sabagé umat Yéhuwa, urang cinta Firman-Na, Alkitab. Urang sadaya yakin yén Alkitab ngamuat sajarah nu akurat, bingbingan nu hadé pikeun kahirupan, sarta naséhat nu asih ti Yéhuwa keur kulawarga manusa. (Jabur 119:105; Lukas 1:3; 1 Yohanes 4:19) Urang bener-bener hayang ngabantu loba jalma pikeun diajar bebeneran tina Firman Allah. Badan Pingpinan kacida bungahna bisa nyadiakeun buku ”Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab”. Badan Pingpinan hayang nyaritakeun saeutik ngeunaan ieu buku.

Loba bagian dina ieu buku ditulis keur budak leutik. Tapi, buku ieu ogé bisa ngabantu jalma déwasa pikeun diajar leuwih loba ngeunaan Alkitab. Lantaran Alkitab téh buku keur sagala jalma, urang sadaya bisa meunang mangpaat ti palajaran-palajaranana sarta ngarasakeun kabagjaan sajati.

Dumasar kana Alkitab, buku ieu nyaritakeun kisah kulawarga manusa ti mimiti diciptakeun. Sagala upaya dilakukeun supaya kisah-kisah Alkitab dicaritakeun ku cara nu jelas, gampang kaharti, jeung gampang diinget.

Buku ieu teu ngan saukur nepikeun kisah-kisah Alkitab. Dina buku ieu, tulisan jeung gambarna disadiakeun supaya urang bisa ngabayangkeun kisahna sarta parasaan jalma nu dicaritakeun.

Buku ieu ngabantu urang ningali yén Alkitab téh buku ngeunaan jalma-jalma, boh nu taat ka Yéhuwa boh nu henteu. Urang bisa meunang mangpaat ti kisah-kisah maranéhna. (Rum 15:4; 1 Korinta 10:6) Buku ieu dibagi jadi 14 bagian. Dina unggal awal bagian, aya ringkesan nu ngajelaskeun sababaraha palajaran.

Lamun boga budak, Sadérék jeung budak bisa maca ieu buku bari ngabahas gambarna. Terus, Sadérék jeung budak bisa maca ayat-ayat Alkitabna. Bantu budak Sadérék ngarti naon patalina ayat Alkitab nu dibaca jeung palajaran nu dibahas. Cara ieu ogé bisa dilakukeun pikeun ngabantu jalma déwasa supaya ngarti ngeunaan palajaran tina Alkitab.

Mugia ieu buku bisa ngabantu jalma nu rendah haté, boh nu ngora boh nu kolot, diajar jeung nerapkeun Firman Allah dina kahirupan. Ku kituna, maranéhna bisa nyembah Yéhuwa sabagé anggota kulawarga nu dipikanyaah ku Mantenna.

Sadérék-sadérék anjeun,

Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa