Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 1

Panganteur Bagian 1

Alkitab dimimitian ku kisah ngeunaan ciptaan. Urang jadi apal kana hal-hal hébat nu Yéhuwa ciptakeun, boh di sawarga boh di bumi. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ningali hébatna rupa-rupa ciptaan Yéhuwa. Jelaskeun yén manusa diciptakeun leuwih mulya ti batan sato. Urang mah boga akal budi, bisa ngomong, nyieun rupa-rupa hal, ngawih, jeung ngadoa. Bantu budak ngahargaan kawasa, kabijaksanaan, sarta pangpangna kanyaah Yéhuwa ka kabéh ciptaana-Na, kaasup urang sorangan.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 1

Allah Nyiptakeun Jagat Raya

Alkitab nyaritakeun yén Allah nyiptakeun jagat raya. Saacan nyiptakeun nu séjénna, ku naon Allah nyiptakeun hiji malaikat heula?

PALAJARAN 2

Allah nyiptakeun Lalaki jeung Awéwé

Allah nyiptakeun lalaki jeung awéwé nu mimiti pikeun hirup di taman Éden. Maranéhna bisa boga kulawarga sarta nyieun sakabéh bumi jadi pirdaus.