Panganteur Bagian 2
Di jaman baheula, ku naon Yéhuwa ngadatangkeun banjir nu ngancurkeun dunya? Ti mimiti sajarah manusa, kajahatan jeung kahadéan geus mumusuhan. Jalma-jalma saperti Adam, Hawa, jeung budakna nu ngaranna Kain, ngalakukeun kajahatan. Ngan saeutik nu ngalakukeun kahadéan, contona Habil jeung Nuh. Saking jahatna jalma-jalma, Yéhuwa ngabasmi dunya nu jahat éta. Dina bagian ieu, urang diajar yén Yéhuwa merhatikeun kalakuan urang. Mantenna ogé moal ngidinan kajahatan ngéléhkeun kahadéan.
DINA BAGIAN IEU
PALAJARAN 3
Adam jeung Hawa Teu Nurut ka Allah
Naon nu ngabédakeun hiji tangkal di taman Éden? Ku naon Hawa ngadahar buahna?
PALAJARAN 4
Ambek Nepi ka Maéhan
Allah narima kurban Habil, tapi nolak kurban Kain. Kain jadi ambek pisan, terus ngalakukeun hal nu goréng.
PALAJARAN 5
Bahtera Nuh
Waktu malaikat-malaikat jahat kawin jeung awéwé-awéwé di bumi, maranéhna ngahasilkeun raksasa nu sok nindes. Kajahatan aya di mana-mana.Tapi Nuh béda, manéhna nyaah jeung nurut ka Allah.
PALAJARAN 6
Dalapan Urang nu Salamet
Hujan turun salila 40 poé 40 peuting. Nuh jeung kulawargana di jero bahtera leuwih ti sataun. Ahirna, maranéhna bisa kaluar ti bahtera.