Panganteur Bagian 3
Mangtaun-taun sanggeus Banjir Gedé, Alkitab nyebutkeun yén ngan saeutik jalma nu nyembah Yéhuwa. Contona Ibrahim, nu disebut sobat Yéhuwa. Ku naon manéhna disebut sobat Yéhuwa? Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ngarti yén Yéhuwa nyaah jeung hoyong ngabantu manéhna. Urang ogé bisa ménta tulung ka Yéhuwa saperti nu dilakukeun ku Ibrahim jeung jalma-jalma satia séjénna, misalna Elut jeung Yakub. Urang bisa percaya yén Yéhuwa bakal nyumponan sagala jangji-Na.
DINA BAGIAN IEU
PALAJARAN 7
Munara Babul
Jalma-jalma hayang nyieun munara anu puncakna nepi ka langit. Ku naon Yéhuwa nyieun maranéhna ngomong rupa-rupa basa?
PALAJARAN 8
Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah
Ku naon Ibrahim jeung Sarah ngajual imahna di kota, terus ngumbara di tanah Kanaan?
PALAJARAN 9
Ahirna Boga Anak!
Kumaha Allah nyumponan jangji-Na ka Ibrahim? Saha anak nu dimaksud, Ishak atawa Ismail?
PALAJARAN 10
Inget Pamajikan Elut!
Allah nurunkeun hujan seuneu jeung walirang ka Sadumu jeung Gomora. Ku naon kota-kota éta dibasmi? Ku naon urang kudu inget kana pamajikan Elut?
PALAJARAN 11
Iman nu Diuji
Allah nitah Ibrahim, ’Anak manéh nu ngan hiji-hijina, kurbankeun di hiji gunung di tanah Moria.’ Kumaha Ibrahim nyanghareupan ujian iman ieu?
PALAJARAN 12
Yakub Meunang Warisan
Ishak jeung Rabéka boga budak kembar, ngaranna Ésau jeung Yakub. Sabagé budak cikal, Ésau boga warisan istiméwa. Ku naon éta ditukeurkeun ku samangkok bubur?
PALAJARAN 13
Yakub Akur Deui jeung Ésau
Kumaha Yakub narima berkah ti malaikat? Jeung naon nu dilakukeun manéhna supaya akur deui jeung Ésau?