Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 4

Panganteur Bagian 4

Bagian ieu nyaritakeun kisah Yusup, Ayub, Musa, jeung bangsa Israil. Maranéhna tetep teger pas aya cocoba ti Sétan. Aya nu ngalaman kateuadilan, dipanjara, dijadikeun budak beulian, jeung ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Yéhuwa nyalindungan maranéhna ku rupa-rupa cara. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ningali kumaha umat Yéhuwa bisa tetep satia sanajan sangsara pas aya cocoba.

Ku Sapuluh Hukuman, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna jauh leuwih kuat ti batan allah-allah Mesir. Jelaskeun cara Yéhuwa nyalindungan umat-Na di jaman baheula jeung ayeuna.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 14

Budak Beulian nu Nurut ka Allah

Sanajan geus ngalakukeun nu bener, Yusup tetep sangsara pisan. Ku naon?

PALAJARAN 15

Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup

Sanajan Yusup jauh ti kulawargana, Yéhuwa kabukti terus nyalindungan manéhna.

PALAJARAN 16

Saha Ayub téh?

Manéhna tetep satia ka Yéhuwa sanajan kaayaanana keur hésé.

PALAJARAN 17

Musa Milih Nyembah Yéhuwa

Pas keur orok, Musa disalametkeun ku indungna ku cara nu hébat.

PALAJARAN 18

Hurung Tapi Teu Kahuru

Ku naon éta tangkal cucuk teu kahuru?

PALAJARAN 19

Tilu Hukuman Mimiti

Ku sabab adigung, Piraon embung ngalakukeun hal nu sabenerna gampang, bangsana jadi sangsara.

PALAJARAN 20

Genep Hukuman Saterusna

Naon bédana hukuman-hukuman ieu jeung tilu hukuman saacanna?

PALAJARAN 21

Hukuman ka Sapuluh

Hukuman ieu sakitu hébatna nepi ka Piraon ahirna nyerah.

PALAJARAN 22

Mujijat di Laut Beureum

Piraon ditarajang ku sapuluh hukuman, tapi naha enya manéhna tahan kana mujijat Allah?