Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 6

Panganteur Bagian 6

Sanggeus bangsa Israil nepi di Tanah Perjangjian, tabernakel jadi pusat ibadah sajati. Imam-imam ngajarkeun Hukum, hakim-hakim ngabingbing bangsa Israil. Bagian ieu ngajelaskeun yén putusan jeung tindakan hiji jalma bisa gedé pangaruhna keur jalma séjén. Urang Israil boga tanggung jawab masing-masing ka Yéhuwa jeung ka batur. Caritakeun kumaha Débora, Naomi, Yosua, Hana, anak awéwé Yépta, jeung Samuél mawa pangaruh alus keur jalma-jalma di sakurilingna. Jelaskeun malah jalma ti bangsa séjén ogé mihak bangsa Israil, contona Rahab, Rut, Yaél, jeung urang Gibon. Maranéhna nyaho yén Allah nyarengan bangsa Israil.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 29

Yéhuwa Milih Yosua

Allah masihan paréntah-paréntah ka Yosua nu bisa ngabantu urang ogé ayeuna.

PALAJARAN 30

Rahab Nyumputkeun Mata-Mata

Témbok-témbok Yériho raruntuh, tapi imah Rahab tetep weweg sanajan aya dina témbok kota.

PALAJARAN 31

Yosua jeung Urang Gibon

Yosua ngadoa ka Allah, ”Panonpoe, geura ngarandeg.” Naha Allah ngajawab doana?

PALAJARAN 32

Pamingpin Anyar jeung Dua Awéwé Wani

Sanggeus Yosua maot, urang Israil nyembah aallahan. Hirupna sangsara. Tapi aya bantuan ti Hakim Barak, nabi istri Débora, jeung Yaél sarta patok kémahna.

PALAJARAN 33

Rut jeung Naomi

Dua awéwé nu salakina geus maot balik ka Israil. Salah sahijina nyaéta Rut. Rut digawé di sawah. Boas merhatikeun manéhna.

PALAJARAN 34

Gidion Ngéléhkeun Urang Midian

Sanggeus ditindes ku urang Midian, urang Israil ménta tulung ka Yéhuwa. Kumaha pasukan Gidion nu ngan saeutik bisa ngéléhkeun 135.000 pasukan musuh?

PALAJARAN 35

Hana Ngadoa Ménta Anak Lalaki

Élkana mawa Hana, Pénina, jeung barudakna ibadah ka tabernakel di Silo. Di ditu, Hana ngadoa ménta anak lalaki. Taun hareupna Samuél lahir!

PALAJARAN 36

Jangji Yépta

Naon jangji Yépta, jeung ku naon Yépta jangji kitu? Kumaha sikep anak awéwé Yépta ngeunaan jangji bapana?

PALAJARAN 37

Yéhuwa Ngomong ka Samuél

Imam Agung Éli boga dua anak lalaki nu jadi imam di tabernakel. Maranéhna teu nurut kana hukum Allah, béda jeung Samuél. Yéhuwa manggil Samuél.

PALAJARAN 38

Yéhuwa Ngajadikeun Simson Kuat

Allah nyieun Simson kuat jang ngalawan urang Pélisti. Tapi, pas nyieun putusan nu salah, urang Pélisti néwak manéhna.