Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 7

Panganteur Bagian 7

Bagian ieu nyaritakeun sajarah kahirupan Raja Saul jeung Raja Daud salila kira-kira 80 taun. Mimitina Saul rendah haté jeung nurut ka Yéhuwa, tapi manéhna barobah embung nurut deui. Yéhuwa nolak manéhna, terus nitah Samuél ngalantik Daud jadi raja Israil nu saterusna. Saul sirik, jadi Saul teterusan nyoba maéhan Daud, tapi Daud tara ngabales. Yonatan, putrana Saul, nyaho yén Daud dipilih ku Yéhuwa, jadi manéhna satia ka Daud. Pas ngalakukeun dosa-dosa beurat, Daud daék narima disiplin ti Yéhuwa. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ningali pentingna nurut jeung satia ka Yéhuwa sarta ka jalma pilihana-Na.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 39

Raja Israil nu Mimiti

Allah masihan hakim jang mingpin bangsa Israil, tapi maranéhna hayangeun raja. Samuél ngalantik Saul jadi raja, tapi ahirna Yéhuwa nolak Saul. Ku naon?

PALAJARAN 40

Daud jeung Goliat

Yéhuwa milih Daud jadi raja Israil nu saterusna, Daud ngabuktikeun manéhna pantes dipilih.

PALAJARAN 41

Daud jeung Saul

Ku naon hiji lalaki ngéwa ka lalaki séjén, sarta kumaha sikep lalaki nu dipikangéwana?

PALAJARAN 42

Yonatan nu Wani tur Satia

Putrana raja jadi sobat Daud.

PALAJARAN 43

Dosa Raja Daud

Putusan goréng mawa loba masalah.