Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 8

Panganteur Bagian 8

Yéhuwa masihan Suléman hikmat nu luar biasa jeung kahormatan pikeun ngawangun bait. Tapi, lalaunan Suléman ninggalkeun Yéhuwa. Lamun boga budak, jelaskeun yén Suléman jadi jauh ti Allah gara-gara kababawa ku jalma-jalma nu nyembah brahala. Karajaan jadi kabagi, raja-raja nu jahat nyieun bangsana jadi murtad sarta nyembah brahala. Dina mangsa éta, loba nabi Allah nu satia dikaniaya jeung dipaéhan. Ratu Isebél malah nyababkeun karajaan utara leuwih murtad deui. Éta téh kaayaan nu ngenes pisan dina sajarah Israil. Tapi, masih loba umat Yéhuwa nu satia, misalna Nabi Élias jeung Raja Yosapat.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 44

Bait keur Yéhuwa

Allah ngabulkeun paménta Raja Suléman jeung masihan manéhna kahormatan.

PALAJARAN 45

Karajaan nu Kabagi

Loba urang Israil teu nyembah Yéhuwa deui.

PALAJARAN 46

Kajadian di Gunung Karmél

Saha Allah nu bener téh? Yéhuwa atawa Baal?

PALAJARAN 47

Yéhuwa Nguatkeun Élias

Naha hidep percaya yén Yéhuwa ogé bisa nguatkeun hidep?

PALAJARAN 48

Anak Saurang Randa Hirup Deui!

Dua mujijat di hiji imah!

PALAJARAN 49

Si Ratu Jahat Dihukum

Isebél boga rencana jang maéhan urang Israil nu ngaranna Nabot demi ngarebut kebon anggurna! Yéhuwa ningali kajahatan jeung kateuadilan manéhna.

PALAJARAN 50

Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat

Raja Yosapat nu bageur ngadoa ka Allah pas Yuda rék diserang ku musuh-musuh.