Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 9

Panganteur Bagian 9

Bagian ieu ngajarkeun ngeunaan budak ngora, nabi-nabi, jeung raja-raja nu boga iman kuat ka Yéhuwa. Di Siria, aya budak awéwé Israil nu percaya yén nabi Yéhuwa bisa nyageurkeun Naaman. Nabi Élisa bener-bener yakin yén Yéhuwa bakal nyalametkeun manéhna ti pasukan musuh. Imam Agung Yoyada naruhkeun nyawana demi nyalindungan Yoas nu leutik kénéh ti ninina nu jahat, Atalya. Raja Hiskia yakin yén Yéhuwa bakal nyalindungan Yérusalém, manéhna teu sieun ka ancaman Asur. Raja Yosia numpes brahala-brahala di sakuliah nagri, ngoméan bait, sarta ngabantu bangsana balik deui ka ibadah sajati.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 51

Panglima Perang jeung Budak Leutik

Hiji budak Israil méré nyaho dununganana ngeunaan kawasa Yéhuwa nu luar biasa, nu hasilna bakal ajaib.

PALAJARAN 52

Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa

Palayan Élisa ningali ’anu nyarengan ka urang leuwih loba ti batan éta’.

PALAJARAN 53

Yoyada nu Wani

Imam nu satia pahareup-hareup jeung si ratu jahat.

PALAJARAN 54

Yéhuwa Sabar ka Yunus

Ku naon hiji nabi Allah bisa nepi ka dilegleg ku lauk gedé? Kumaha cara manéhna kaluar? Naon nu diajarkeun ku Yéhuwa ka manéhna?

PALAJARAN 55

Malaikat Yéhuwa Nyalindungan Hiskia

Musuh-musuh Yuda ngomong yén Yéhuwa moal nyalindungan umat-Na, tapi éta teh salah!

PALAJARAN 56

Yosia Cinta Hukum Allah

Yosia jadi raja pas umurna dalapan taun. Manéhna ngabantu rahayatna ibadah ka Yéhuwa.