Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 10

Panganteur Bagian 10

Yéhuwa téh Raja nu ngawasaan sagalana. Mantenna bisa jeung bakal terus ngadalikeun sagala hal. Misalna, Yéhuwa nyalametkeun Yérmia ti jero sumur. Yéhuwa ogé nyalametkeun Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo ti pameuleuman nu ngagedur jeung nyalametkeun Daniél ti sungut singa-singa. Yéhuwa nyalindungan Éster, jadi Éster bisa nyalametkeun bangsana. Yéhuwa moal ngantep kajahatan lumangsung terus. Ramalan ngeunaan arca gedé jeung tangkal gedé téh jaminan yén Karajaan Yéhuwa bakal numpes sagala kajahatan jeung bakal maréntah bumi.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 57

Yéhuwa Ngutus Yérmia

Warta nu diuarkeun ku nabi ngora ieu nyieun para pajabat ambek.

PALAJARAN 58

Yérusalém Diancurkeun

Urang Yuda terus nyembah brahala, jadi Yéhuwa ninggalkeun maranéhna.

PALAJARAN 59

Opat Budak Ngora nu Satia

Barudak ngora ti Yuda geus tékad rék satia ka Yéhuwa sanajan keur aya di karaton raja Babul.

PALAJARAN 60

Karajaan nu Moal Binasa

Daniél nerangkeun harti impian anéh Nébukadnésar.

PALAJARAN 61

Maranéhna Embung Sujud

Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo embung nyembah patung emasna raja Babul.

PALAJARAN 62

Karajaan nu Saperti Tangkal Gedé

Nébukadnésar ngimpi ngeunaan mangsa kahareupna sorangan.

PALAJARAN 63

Tulisan dina Témbok

Iraha tulisan anéh muncul, sarta naon hartina?

PALAJARAN 64

Daniél di Guha Singa

Hayu ngadoa ka Yéhuwa unggal poé, siga Daniél!

PALAJARAN 65

Éster Nyalametkeun Bangsana

Sanajang urang asing jeung yatim pahatu, éta awéwé jadi ratu.

PALAJARAN 66

Ésra Ngajarkeun Hukum Allah

Sanggeus ngadéngékeun Ésra, urang Israil nyieun jangji nu istiméwa ka Allah.

PALAJARAN 67

Témbok Yérusalém

Néhémia nyaho yén musuh-musuhna rék nyerang. Ku naon manéhna teu sieuneun?