Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 12

Panganteur Bagian 12

Yésus ngajar jalma-jalma ngeunaan Karajaan di sawarga. Yésus ogé ngajar maranéhna ngadoa supaya nami Allah disucikeun, Karajaana-Na datang, sarta kahoyong-Na laksana di bumi. Lamun boga budak, jelaskeun pentingna ngadoakeun hal-hal ieu. Yésus teu ngantep Sétan ngaruksak kasatiaanana. Yésus milih para rasul, engké maranéhna boga tugas penting dina Karajaan. Caritakeun sumanget Yésus pikeun ibadah sajati. Yésus hayang nulungan jalma-jalma, jadi anjeunna nyageurkeun nu gering, méré dahar nu lapar, sarta ngahirupkeun deui nu maot. Mujijat-mujijat ieu nunjukkeun berkah-berkah Karajaan keur manusa.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 74

Yésus Jadi Mésias

Naon maksud Yohanes pas ngomong yén Yésus téh Anak Domba Allah?

PALAJARAN 75

Si Sétan Nguji Yésus

Si Sétan nguji Yésus tilu kali. Naon waé gogodana? Kumaha jawaban Yésus?

PALAJARAN 76

Yésus Ngusir Nu Jualan di Bait

Ku naon sasatoan disabetan sarta méja-méja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun ku Yésus?

PALAJARAN 77

Awéwé di Sisi Sumur

Awéwé Samaria di sisi sumur Yakub héraneun pas Yésus ngajak ngobrol. Naon sababna? Naon nu dibéré nyaho ku Yésus, nu can pernah dibéjaan ka sasaha?

PALAJARAN 78

Yésus Nguarkeun Warta Karajaan

Yésus ngajak sababaraha jalma di antara murid-muridna pikeun ’ngala jelema’. Terus, Yésus ngalatih 70 muridna pikeun nguarkeun warta hadé.

PALAJARAN 79

Yésus Nyieun Loba Mujijat

Ka mana waé Yésus indit, nu garering ménta tulung. Yésus nyageurkeun maranéhna. Malah, Yésus ngahirupkeun deui budak awéwé leutik nu geus maot.

PALAJARAN 80

Dua Belas Rasul Yésus

Jang naon Yésus milih maranéhna? Hidep apal saha waé maranéhna téh?

PALAJARAN 81

Hutbah di Gunung

Yésus ngajarkeun palajaran penting ka jalma réa nu geus ngarumpul.

PALAJARAN 82

Yésus Ngajarkeun Carana Ngadoa

Yésus ngajar murid-muridna pikeun terus ménta naon?

PALAJARAN 83

Yésus Méré Dahar ku Mujijat

Mujijiat ieu ngajarkeun naon ngeunaan Yésus jeung Yéhuwa?

PALAJARAN 84

Yésus Leumpang dina Cai

Bayangkeun kumaha parasaan para rasul pas ningali mujijat ieu!

PALAJARAN 85

Yésus Nyageurkeun dina Poé Sabat

Ku naon teu kabéh jalma resep kana tindakan Yésus?

PALAJARAN 86

Yésus Ngahirupkeun Deui Lasarus

Pas ningali Maria ceurik, Yésus ogé milu ceurik. Tapi cipanon maranéhna téh langsung ganti jadi kabagjaan.