Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 13

Panganteur Bagian 13

Yésus datang ka bumi pikeun masrahkeun kahirupanana demi manusa nu teu sampurna. Sanajan maot, Yésus geus nalukkeun dunya. Yéhuwa satia ka Putra-Na sarta ngahirupkeun deui anjeunna. Malah nepi ka maotna gé, Yésus rendah haté ngalalayanan sarta ngahampura kasalahan batur. Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus muncul di hareupeun murid-muridna. Yésus ngajarkeun carana ngajalankeun tugas penting nu kudu dilakukeun ku maranéhna. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ngahargaan yén ayeuna urang ogé boga tugas penting nu sarua.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 87

Jamuan nu Pangahirna

Yésus méré paréntah penting ka para rasul pas jamuan nu pangahirna.

PALAJARAN 88

Yésus Ditéwak

Yudas Iskariot mawa pasukan nu maké pedang jeung gegendir ka taman Gétsemané jang néwak Yésus.

PALAJARAN 89

Yésus Teu Diaku ku Pétrus

Aya kajadian naon di palataran imah Kayapas? Naon nu dialaman ku Yésus di jero imah éta?

PALAJARAN 90

Yésus Maot di Golgota

Ku naon Pilatus ngantep Yésus dipaéhan?

PALAJARAN 91

Yésus Dihirupkeun Deui

Aya kajadian ajaib naon sanggeus Yésus dipaéhan?

PALAJARAN 92

Para Nalayan Ningali Yésus

Naon nu dilakukeun Yésus supaya maranéhna merhatikeun Yésus?

PALAJARAN 93

Yésus Balik ka Sawarga

Saacanna, anjeunna méré paréntah penting ka murid-murid.