Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur Bagian 14

Panganteur Bagian 14

Urang Kristen di abad kahiji nyebarkeun warta Karajaan nepi ka tungtung bumi. Yésus nitah maranéhna nguarkeun warta. Yésus ogé nyieun mujijat supaya maranéhna bisa ngajar jalma-jalma ku rupa-rupa basa. Yéhuwa masihan maranéhna kawani sarta kakuatan supaya tabah waktu dikaniaya.

Yésus méré Yohanes titingalian ngeunaan kamulyaan Yéhuwa. Yohanes ogé ningali Karajaan sawarga nalukkeun Sétan jeung kajahatanana pikeun salamina. Yohanes ningali Yésus maréntah sabagé Raja bareng 144.000 jalma. Yohanes ogé ningali bumi dirobah jadi pirdaus. Kabéh jalma bakal nyembah Yéhuwa.

DINA BAGIAN IEU

PALAJARAN 94

Murid-Murid Dibéré Roh Suci

Maranéhna meunang kawasa ajaib naon ti roh suci?

PALAJARAN 95

Maranéhna Moal Eureun!

Para pamingpin agama geus maéhan Yésus. Ayeuna, maranéhna rék ngeureunkeun murid-muridna. Tapi, murid-murid teu eureun.

PALAJARAN 96

Yésus Milih Saulus

Saulus téh musuh urang Kristen nu sok nyiksa, tapi manéhna barobah.

PALAJARAN 97

Kornélius Narima Roh Suci

Ku naon Allah ngutus Pétrus ka imah lalaki nu lain urang Yahudi ieu?

PALAJARAN 98

Ajaran Kristen Sumebar

Paulus jeung batur saperjalananana nguarkeun warta ka tempat-tempat nu jauh.

PALAJARAN 99

Kapala Panjara Jadi Urang Kristen

Ku naon Paulus jeung Silas dipanjara? Kumaha kapala panjara bisa jadi urang Kristen?

PALAJARAN 100

Paulus jeung Timoteus

Dua lalaki ieu sosobatan sarta digawé babarengan salila mangtaun-taun.

PALAJARAN 101

Paulus Diutus ka Rum

Perjalanan téh pinuh ku bahaya, tapi teu aya kasusah nu nyieun Paulus eureun nguarkeun warta.

PALAJARAN 102

Titingalian Yohanes

Yésus méré sababaraha titingalian ngeunaan mangsa kahareup ka Yohanes.

PALAJARAN 103

’Karajaan Ama Mugi Datang’

Titingalian Yohanes nunjukkeun kumaha Karajaan Allah bakal ngarobah bumi.