Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 7

Yéhuwa Kakuatan Abdi

Yéhuwa Kakuatan Abdi

(Yesaya 12:2)

  1. 1. Yéhuwa jurusalamet abdi;

    Gusti sumber kakuatan abdi.

    Abdi ngawula sabagé Saksi

    Najan loba jalma teu paduli.

    (REFREIN)

    Allah Yéhuwa, bénténg sim abdi.

    Abdi t’rus muji nami Gusti.

    Yéhuwa mulya, mahakawasa,

    Pangraksa sim abdi salawasna.

  2. 2. Abdi resep maca Firman Gusti,

    Nyaangan abdi ku bebeneran.

    Tékad abdi rék terus ngabakti

    Jeung terus ngabéla Karajaan.

    (REFREIN)

    Allah Yéhuwa, bénténg sim abdi.

    Abdi t’rus muji nami Gusti.

    Yéhuwa mulya, mahakawasa,

    Pangraksa sim abdi salawasna.

  3. 3. Abdi milampah pangersa Gusti

    Najan Sétan terus nganiaya.

    Mugi Gusti negerkeun sim abdi,

    Nepi ka ahir terus satia.

    (REFREIN)

    Allah Yéhuwa, bénténg sim abdi.

    Abdi t’rus muji nami Gusti.

    Yéhuwa mulya, mahakawasa,

    Pangraksa sim abdi salawasna.

(Tingali ogé 2 Sam. 22:3; Jab. 18:3; Yes. 43:12.)