Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 12

Yéhuwa Nu Maha Agung

Yéhuwa Nu Maha Agung

(Budalan 34:6, 7)

  1. 1. Allah Yéhuwa Nu Maha Agung,

    Ama layak dijungjung,

    Jalan-jalan-Na luhung.

    S’gala kawasa, hikmat, asih-Na

    Aya pikeun s’lawasna.

  2. 2. Allah Yéhuwa nu welas asih,

    Ama ngadangu doa

    Manusa anu dosa.

    Abdi dibingbing, ditangtayungan.

    Ama siap nulungan.

  3. 3. Sorga jeung bumi ngawih gumbira,

    Nyanggakeun pupujian,

    Mulyakeun nami Ama.

    Allah Yéhuwa Nu Maha Suci,

    Tampi pamuji abdi.