Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 15

Puji Putra Cikal Yéhuwa!

Puji Putra Cikal Yéhuwa!

(Ibrani 1:6)

  1. 1. Puji Putra cikal,

    Nu dilantik Yéhuwa,

    Nu maréntahna adil

    Tur mawa berkah limpah.

    Kadaulatan Yéhuwa

    Bakal ditanjeurkeun.

    Nami suci Yéhuwa

    Terus diémbarkeun.

    (REFREIN)

    Puji Putra cikal,

    Nu dipilih Yéhuwa

    Jadi Raja di Sion,

    Ngadeg Karajaanna.

  2. 2. Puji Putra cikal,

    Nu pupus keur manusa.

    Ku lantaran tebusan,

    Yah ngahampura dosa.

    Panganténna Mésias

    Nganggo linén bodas.

    Nikahna di sawarga,

    Nanjeurkeun daulat Yah.

    (REFREIN)

    Puji Putra cikal,

    Nu dipilih Yéhuwa

    Jadi Raja di Sion,

    Ngadeg Karajaanna.