Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 18

Nganuhunkeun kana Tebusan

Nganuhunkeun kana Tebusan

(Lukas 22:20)

  1. 1. Nun Ama Yéhuwa,

    sim abdi ngarumpul,

    Margi Ama némbongkeun

    kaasih nu unggul.

    Tos ngorbankeun Putra,

    nu dipikanyaah,

    Korban nu mulya sangkan

    abdi hirup bungah.

    (REFREIN)

    Anjeunna ngorbankeun diri.

    Nyalametkeun diri abdi.

    Salamina

    abdi nganuhunkeun, Nun Yéhuwa.

  2. 2. Yésus réla ngorbankeun

    kahirupanna

    Margi anjeunna nyaah

    ka umat manusa.

    Ayeuna abdi gaduh

    harepan pasti,

    Tiasa hirup langgeng,

    sirna ajal, pati.

    (REFREIN)

    Anjeunna ngorbankeun diri.

    Nyalametkeun diri abdi.

    Salamina

    abdi nganuhunkeun, Nun Yéhuwa.