Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 20

Kurnia Tebusan ti Yéhuwa

Kurnia Tebusan ti Yéhuwa

(1 Yohanes 4:9)

  1. 1. Nun Ama, Yéhuwa,

    Abdi nganuhunkeun.

    Tebusan ti Ama

    Mawa harepan.

    Ieu hirup abdi

    Nyanggakeun ka Ama.

    Abdi rék ngabakti,

    Satia ngawula.

    (REFREIN)

    Abdi nganuhunkeun,

    Muji salawasna,

    Margi Ama masihkeun

    Putra nu dipikanyaah.

  2. 2. Kaasih Yéhuwa

    Nu mawa kabungah.

    Nyobat jeung Yéhuwa

    Nyukakeun manah.

    Kurnia ti Ama

    Nu taya bandingna,

    Putra tunggal Ama

    Pupus keur sadaya.

    (REFREIN)

    Abdi nganuhunkeun,

    Muji salawasna,

    Margi Ama masihkeun

    Putra nu dipikanyaah.

    (PANUTUP)

    Nun Ama, Yéhuwa, abdi nganuhunkeun.

    Ama tos masihkeun Putra kanggo tebusan.

(Tingali ogé Yoh. 3:​16; 15:13.)