Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 21

Utamakeun Karajaan Allah

Utamakeun Karajaan Allah

(Mateus 6:33)

  1. 1. Nu penting pikeun Yéhuwa,

    Nu nyukakeun manah-Na,

    Nyaéta K’rajaan Allah,

    Nu rék mungkas masalah.

    (REFREIN)

    Utamakeun Karajaan

    Sarta bebeneran-Na.

    Puji Yah ka mana-mana,

    Satia kumawula.

  2. 2. ’Bakal kumaha isukan?’

    Tenang, ulah salempang.

    Mun ngutamakeun K’rajaan,

    Yah nyadiakeun keur urang.

    (REFREIN)

    Utamakeun Karajaan

    Sarta bebeneran-Na.

    Puji Yah ka mana-mana,

    Satia kumawula.

  3. 3. Warta hadé Karajaan,

    Émbarkeun ka sadaya.

    Bantu jalma rendah haté

    Ngaharep ka Yéhuwa.

    (REFREIN)

    Utamakeun Karajaan

    Sarta bebeneran-Na.

    Puji Yah ka mana-mana,

    Satia kumawula.