KAWIH 24
Hayu ka Gunung Yéhuwa
(Yesaya 2:2-4)
-
1. Tanggah jeung tingali
Ka puncak gunung-gunung,
Bait suci Yéhuwa
Ngadeg pangluhurna.
Jalma-jalma datang
Ti sakuliah dunya,
Ngajak ka nu lianna,
’Hayu sembah Huwa.’
Ayeuna waktuna,
Anu saeutik jadi loba,
Lir bangsa nu kuat,
Nu diberkahan ku Yéhuwa.
Bangsa-bangsa datang,
Ngangken kadaulatan-Na,
Jangji moal nyimpang,
Nepi ahir satia.
-
2. Yésus maréntahkeun
Pikeun nguarkeun Firman,
Warta hadé K’rajaan,
Ka sagala bangsa.
Ajar kabéh jalma
Ngaléngkah di jalan Yah,
Sangkan nu rendah haté
Mihak Kristus Raja.
Kacida bungahna
Ningali umat Yah nambahan.
Yu urang ngawawar,
Bantu jalma-jalma saladar.
Tingkatkeun upaya,
Ngajak sakabéh jalma,
’Hayu urang naranjak
Ka gunung Yéhuwa.’
(Tingali ogé Jab. 43:3; 99:9; Yes. 60:22; Ras. 16:5.)