KAWIH 26
Nulung ka Kami
-
1. Domba-domba lian satia ngawula
dulur-dulur Kristus pilihan Allah.
Sagala dukungan
pikeun aranjeunna
Ku Yésus bakal diganti ku berkah.
(REFREIN)
”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,
Éta téh sarua nyaah ka kami.
Nulung aranjeunna, nulung ka kami.
Lamun ngadukung ka aranjeunna,
Éta téh sarua ngadukung kami.”
-
2. ”Maranéh daratang tur mantuan kami,
waktu kami lapar tur dipanjara.”
”Iraha abdi-abdi
mantuan Gusti?”
Tuluy Yésus ngajawab maranéhna,
(REFREIN)
”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,
Éta téh sarua nyaah ka kami.
Nulung aranjeunna, nulung ka kami.
Lamun ngadukung ka aranjeunna,
Éta téh sarua ngadukung kami.”
-
3. ”Maranéh garetol jeung terus satia,
sumanget ngawawar jeung dulur kami.”
Yésus ngomong ka domba
gigireunana,
”Pék tarima hirup langgeng di bumi.”
(REFREIN)
”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,
Éta téh sarua nyaah ka kami.
Nulung aranjeunna, nulung ka kami.
Lamun ngadukung ka aranjeunna,
Éta téh sarua ngadukung kami.”
(Tingali ogé Sil. 19:17; Mat. 10:40-42; 2 Tim. 1:16, 17.)