KAWIH 27
Putra-Putra Pilihan Dimulyakeun Allah
(Rum 8:19)
-
1. Putra-putra nu kapilih
Téréh dimulyakeun.
Yésus sareng aranjeunna
Maréntah di sorga.
(REFREIN)
Putra-putra pilihan Yah
Jeung Yésus Rajana
Narima berkah nu limpah,
Dimulyakeun Allah.
-
2. Nu hirup kénéh di dunya
Bakal disauran.
Dikumpulkeun ka sawarga
Ku Yésus Sang Raja.
(REFREIN)
Putra-putra pilihan Yah
Jeung Yésus Rajana
Narima berkah nu limpah,
Dimulyakeun Allah.
(BRIDGE)
Aranjeunna bakal perang,
Numpes musuh Allah.
Nikahanna Anak Domba
Mawa kabagjaan.
(REFREIN)
Putra-putra pilihan Yah
Jeung Yésus Rajana
Narima berkah nu limpah,
Dimulyakeun Allah.
(Tingali ogé Dan. 2:34, 35; 1 Kor. 15:51, 52; 1 Tes. 4:15-17.)