KAWIH 29
Hirup Ngamulyakeun Nami Ama
(Yesaya 43:10-12)
-
1. Yéhuwa mulya tur mahakawasa,
Asih-Na limpah, adil jalan-Na,
Sumber ti bebeneran sareng hikmat,
Raja anu daulat di sawarga.
Abdi umat Ama réla ngawula,
Resep nguarkeun K’rajaan Ama.
(REFREIN)
Abdi reueus jadi Saksina Ama,
Hirup ngamulyakeun nami Ama.
-
2. Abdi sadaya ngawula ka Ama,
Ngahiji tur silih pikanyaah.
Bebeneran tur kamulyaan Ama,
Abdi wartakeun ka mana-mana.
Abdi bungah gaduh hak istiméwa
Tiasa muji Ama s’lawasna.
(REFREIN)
Abdi reueus jadi Saksina Ama,
Hirup ngamulyakeun nami Ama.
(Tingali ogé Pam. 32:4; Jab. 43:3; Dan. 2:20, 21.)