Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 31

Rumaket ka Allah

Rumaket ka Allah

(Mika 6:8)

  1. 1. Hirup rumaket ka Allah

    Kalawan rendah haté.

    Andelkeun Allah, terus satia,

    Urang bakal dijaga.

    Cekel pageuh panangan Huwa,

    Taat ka Firman-Na.

    Moal bingbang, moal nyimpang,

    Mun regepkeun Yéhuwa.

  2. 2. Hirup rumaket ka Allah

    Reujeung haté nu bersih.

    Sanajan aya loba gogoda,

    Huwa nulungan pasti.

    Lenyepan hal-hal anu mulya,

    Nu kamanah Allah.

    Sing terus mikirkeunana,

    Huwa bakal nyarengan.

  3. 3. Hirup rumaket ka Allah

    Kalawan suka bungah.

    Nyobat jeung Huwa, éta kurnia,

    Mawa berkah nu limpah.

    Haté urang pinuh kabungah,

    Ngawih muji Huwa.

    Kaciri ku loba jalma

    Urang milik Yéhuwa.