Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 34

Hirup Satia Satuhu

Hirup Satia Satuhu

(Jabur 26)

  1. 1. Nun Yéhuwa, sumangga tingali,

    Satia satuhu lalampahan abdi.

    Uji abdi jeung murnikeun abdi

    Sangkan abdi bisa kamanah ku Gusti.

    (REFREIN)

    Tékad abdi pikeun salawasna,

    satia satuhu ka Allah Yéhuwa.

  2. 2. Abdi ijid ka jalma nu jahat,

    Tara babarengan jeung nu ngahianat.

    Mugi Gusti ngaluputkeun abdi

    Tina hukum pati keur jalma nu lalim.

    (REFREIN)

    Tékad abdi pikeun salawasna,

    satia satuhu ka Allah Yéhuwa.

  3. 3. Abdi bungah di baitna Gusti,

    Abdi rék ngajungjung ibadah nu murni.

    Abdi leumpang ngurilingan altar,

    Nguarkeun pujian ka sagala bangsa.

    (REFREIN)

    Tékad abdi pikeun salawasna,

    satia satuhu ka Allah Yéhuwa.

(Tingali ogé Jab. 25:2.)