Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 38

Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

(1 Petrus 5:10)

  1. 1. Allah nyaur anjeun ti poék ka caang

    Sangkan bisa diajar beb’neran.

    Allah ningal anjeun nyaah ka Mantenna

    Sarta hayang milampah nu bener.

    Anjeun geus nyieun ikrar ngabakti,

    Yéhuwa nulungan anjeun pasti.

    (REFREIN)

    Ku tebusan Putra-Na,

    anjeun milik Huwa.

    Mantenna negerkeun

    jeung terus nguatkeun.

    Huwa salawasna

    ngaping tur nangtayungan,

    Hoyong anjeun teger,

    Hoyong anjeun kuat.

  2. 2. Allah hoyong sangkan anjeun hirup bagja,

    Nepi ka réla ngorbankeun Putra.

    Lamun Putra-Na gé réla dipasihkeun,

    Yéhuwa tangtu nguatkeun anjeun.

    Yah moal mopohokeun milik-Na

    Nu nyaah jeung iman ka Mantenna.

    (REFREIN)

    Ku tebusan Putra-Na,

    anjeun milik Huwa.

    Mantenna negerkeun

    jeung terus nguatkeun.

    Huwa salawasna

    ngaping tur nangtayungan,

    Hoyong anjeun teger,

    Hoyong anjeun kuat.