Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 43

Doa Ngahaturkeun Nuhun

Doa Ngahaturkeun Nuhun

(Jabur 95:2)

  1. 1. Yéhuwa, abdi sadaya ngadoa,

    Nganuhunkeun sarta muji Ama.

    Abdi ngandel ka Ama sagemblengna

    Pikeun terus satia ngawula.

    Abdi rumasa jalma anu lemah,

    Sering ngalampahkeun anu salah.

    Sukur Ama tos nebus hirup abdi

    Sarta ngahampura dosa abdi.

  2. 2. Hatur nuhun Gusti keur sadayana,

    Kanyaah tur kahadéan Gusti.

    Ajar abdi sangkan terus ngawula,

    Bantu abdi sangkan t’rus satia.

    Abdi wani nguarkeun warta hadé

    Ku roh suci Yah anu perkasa.

    Mugia abdi tetep rendah haté

    Sangkan t’rus kamanah ku Yéhuwa.