Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 44

Doa Waktu keur Nalangsa

Doa Waktu keur Nalangsa

(Jabur 4:2)

  1. 1. Duh Yéhuwa, mugi dangukeun

    abdi sasambat,

    Peurih haté jeung nalangsa,

    abdi tos teu kiat.

    Abdi lemah jeung kuciwa,

    pegat pangharepan.

    Sing welas, Gusti, pasihan

    abdi kakuatan.

    (REFREIN)

    Waktu abdi nuju bingbang,

    Mung ka Gusti abdi muntang.

    Mugi Gusti jait abdi,

    Yah tegerkeun haté abdi.

  2. 2. Firman Gusti ngalilipur abdi

    tur nguatkeun,

    Ngungkabkeun eusi haté anu

    teu kakedalkeun.

    Mugia Firman Gusti nguatkeun

    iman abdi

    Kana asih Gusti nu ngungkulan

    haté abdi.

    (REFREIN)

    Waktu abdi nuju bingbang,

    Mung ka Gusti abdi muntang.

    Mugi Gusti jait abdi,

    Yah tegerkeun haté abdi.