Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 45

Nu Dilenyepan ku Abdi

Nu Dilenyepan ku Abdi

(Jabur 19:15)

  1. 1. Mugi eusi haté abdi,

    Sarta pipikiran abdi,

    Bisa kamanah ku Gusti

    Tur mengkuhkeun iman abdi.

    Waktu keur loba masalah,

    Sapeupeuting t’rus guligah,

    Abdi ngalenyepan Gusti

    Sarta hal-hal anu murni.

  2. 2. Sagala hal anu hadé,

    Anu ngagedékeun haté,

    Ku abdi t’rus dilenyepan,

    Mugi mawa katengtreman.

    Luhung mamanahan Gusti,

    Ku abdi moal katepi.

    Abdi rék ngabdikeun diri,

    T’rus ngémutan Firman Gusti.