Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 48

Terus Ngaraket ka Yéhuwa

Terus Ngaraket ka Yéhuwa

(Mika 6:8)

  1. 1. Terus ngaraket ka Rama,

    Taat sagala paréntah-Na.

    Limpah kahadéana-Na

    Ka nu naréangan jalan-Na.

    Ku bantuan ti Yéhuwa,

    Bisa muntang s’lawasna.

    Urang ngabakti satia

    Sarta mihak ka Mantenna.

  2. 2. Hirup dina ahir jaman,

    Di panungtungan dunya Sétan,

    Urang ngalaman tangtangan;

    Urang bisa jadi salempang.

    Tapi Huwa nyalindungan,

    Jadi bénténg keur urang.

    Urang satia ngawula,

    Terus nyaah ka Mantenna.

  3. 3. Pitulung urang ti Huwa

    Ku jalan roh sarta Firman-Na,

    Ku jalan hamba-hamba-Na,

    Tur doa nu didangu Huwa.

    Terus ngaraket ka Huwa,

    Mantenna nulung urang

    Sangkan tetep saratia

    Tur moal nepi ka nyimpang.