KAWIH 50
Doa Pangbaktian Abdi
-
1. Sapinuh haté abdi
Cinta ka hikmat Gusti.
Abdi nyanggakeun kawih,
Muji Raja sim abdi.
-
2. Abdi masrahkeun raga,
Milampah paréntah Yah.
Abdi ngiklaskeun harta
Pikeun ngawulaan Yah.
-
3. Kahirupan sim abdi
Sagemblengna keur Gusti.
Mugia diri abdi
Nyukakeun manah Gusti.
(Tingali ogé Jab. 40:9; Yoh. 8:29; 2 Kor. 10:5.)