Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 58

Néangan Jalma nu Resep Rukun

Néangan Jalma nu Resep Rukun

(Lukas 10:6)

  1. 1. Paréntah Yésus, ’Injil wartakeun.’

    Kapanasan, kakebulan,

    Yésus ngawartakeun Firman.

    Anjeunna nyaah ka domba Huwa,

    Ditéangan isuk-isuk

    nepi ka peuting.

    Unggal imah jeung di jalan,

    Urang ngabagikeun warta:

    Kasusahan manusa bakal sirna.

    (REFREIN)

    Urang néang

    Nu resep rukun, unggal bangsa.

    Urang néang

    Nu haténa kana beb’neran.

    Enya-enya

    Upayana.

  2. 2. Terus téangan, waktu geus singget.

    Salametkeun loba jalma,

    Réla nyieun pangorbanan.

    Sabab nyaah, urang datang deui,

    Ngalilipur haténa,

    bagjakeun hirupna.

    Néang di kota jeung désa,

    Waktu aya nu narima,

    Haté bungah, urang jadi sumanget.

    (REFREIN)

    Urang néang

    Nu resep rukun, unggal bangsa.

    Urang néang

    Nu haténa kana beb’neran.

    Enya-enya

    Upayana.

(Tingali ogé Yes. 52:7; Mat. 28:19, 20; Luk. 8:1; Rum 10:10.)