Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 59

Puji Huwa Babarengan

Puji Huwa Babarengan

(Jabur 146:2)

  1. 1. Puji Huwa

    Babarengan

    Sabab tos masihan kahirupan.

    Beurang peuting,

    Mashurkeun Yah,

    Muji kaasih jeung kawasa-Na.

    Hayu urang émbarkeun nami-Na.

  2. 2. Puji Huwa

    Babarengan.

    Mantenna ngadangu doa urang.

    Anu lemah

    Dikuatkeun,

    Didukung Huwa ku roh suci-Na.

    Hayu urang muji kawasa-Na.

  3. 3. Puji Huwa

    Babarengan.

    Mantenna sumber panglipur urang.

    Nu salempang,

    Ka Yah muntang.

    Karajaan-Na mungkas kasusah.

    Hayu urang muji bari bungah.